Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini

Gaya Hidup

8 Contoh Pidato Bahasa Sunda Berbagai Tema, dari Pendidikan Hingga Sopan Santun

Mempersiapkan teks pidato bahasa Sunda penting untuk membantu menyampaikan pesan yang jelas, terstruktur, dan relevan dengan audiens.

6 Februari 2025 | 22.12 WIB

Ilustrasi anak siswa Sekolah Dasar (SD). TEMPO/Prima Mulia
Perbesar
Ilustrasi anak siswa Sekolah Dasar (SD). TEMPO/Prima Mulia

Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini

slot-iklan-300x100

Pidato bahasa Sunda bisa menjadi pilihan menarik bagi Anda yang ingin menghadirkan variasi dalam menyampaikan ide atau gagasan di depan umum. Namun sebelum itu, penting untuk memastikan bahwa audiens yang hadir mengerti bahasa Sunda agar pesan yang disampaikan dapat diterima dengan baik.

Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini

slot-iklan-300x100

Pada dasarnya, pidato adalah bentuk komunikasi lisan yang bertujuan untuk menyampaikan informasi, pandangan, atau gagasan kepada pendengar. Oleh karena itu, harus dipastikan bahwa pembicara memahami dengan baik apa yang akan disampaikannya, sehingga audiens dapat menerima pesan dengan jelas dan tidak mengalami kesalahpahaman.

Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini

slot-iklan-300x600

Untuk meningkatkan pemahaman, pembicara dapat menyiapkan teks pidato bahasa Sunda terlebih dahulu. Berikut beberapa contoh teks pidato bahasa Sunda singkat dengan berbagai tema, mulai dari pendidikan hingga sopan santun.

Teks Pidato Bahasa Sunda

Mempersiapkan teks pidato bahasa Sunda penting untuk membantu menyampaikan pesan yang jelas, terstruktur, dan relevan dengan audiens. Selain itu, pemilihan tema yang sesuai juga dapat menarik perhatian pendengar serta memudahkan pembicara untuk menyampaikan ide-ide dengan percaya diri.

1. Pidato Bahasa Sunda tentang Pentingnya Pendidikan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Kapala Sakola anu ku simkuring dipihormat , Bapa/Ibu Guru anu kusimkuring di pihormat, sareng rerencangan sadaya nu ku simkuring dipiheman.

Puji syukur urang sanggakeun kanu maha kawasa anu tos ngalimpahkeun rahmatna ka urang sadaya, alhamdulillah dina dinten ieu tiasa kempel didieu dina kaayaan sehat walafiat.

Teu hilap solawat sinareng salam mugia salamina kacurah limpahkeun kajunjungan urang sadaya nya eta Nabi Muhammad SAW, oge ka para kulawarga, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman.Aamiin yaa rabbal'alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget nu judulna "Pentingna Pendidikan". Dijaman kiwari pendidikan teh penting pisan, ku ayana pendidikan, urang teh jadi bisa jeung ngarti.

Pendidikan oge jadi rencana urang ka hareupna dek jadi naon, ku meunangna elmu tina pendidikan urang tiasa gampang miboga karir atawa urang oge gampang neangan pagawean nu alus pagawean nu dipikahayang ku urang.

Kucara diajar nu junun, nu bener jeung pastina jujur urang pasti bisa jadi jalama nu sukses, miboga prestasi nu cemerlang tur bisa ngabanggakeun bangsa jeung nagara.

Nyiar elmu teh kawajiban kanggo sadaya umat muslim. Ku kituna urang kudu sumanget nyiar elmu pikeun bekel kahirupan.

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh

2. Pidato Bahasa Sunda tentang Bersyukur

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Sateuacana urang panjajkeun puji miwah syukur ka hadirat Allah Swt. anu atos masihan urang sarerea nikmat anu kacida ageungna janteun tiasa sumping dina ieu saah kalayan dina kaayaan sehat.

Dina dangeut ieu simkuring bade ngadugikeun pentingna syukur kanggo urang salami hirup teh naon wae?

Hadirin anu ku simkuring dipikanyaah. Rasa syukur teh upami nurutkeun kaayaan mah nyaeta narimakeun naon wae anu aya atau dipimilik ku urang bade awon atanapi teu urang reseup.

Inti tina rasa syukur teh masrahkeun ka Allah Swt. perkawis naon wae anu bada ku Anjeuna pasihkeun ka urang salaku hamba-Na. Syukur ieu oge jadi kawajiban anu kedap dipigaduh ke umat Islam, dimana tos dicatet dina Al-Qur'an Surat Ibrahim ayat 7.

Upami jalmi teu aya rasa syukurna saeutik pun, maka manehna cilaka lantaran tos nyia-nyiakeun nikmat Allah anu atos dipasihkeun jeung jadi rezekina. Kukituna, hayu urang sami-sami ngucapkeun rasa syukur boh dina hate jeung ucapan, utamina dipraktekeun langsung lewat sikep.

Parantos biantara ti abdi, mugia cing janten manfaat.

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh

3. Pidato Bahasa Sunda tentang Hormat Kepada Orang Tua

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Wilujeng enjing kanggo bapa kepala sekolah, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Allah Swt, anu parantos marengkeun urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina acara anu sae ieu. Alhamdulillah urang sadayana tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Bapa miwah ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta, dina ieu kasempetan simkuring badé ngadugikeun biantara ngeunaan kana pentingna urang mikahormat ka kolot jeung ka guru urang.

Unggal jalmi tangtuna pasti miboga sepuh, teu aya hiji jalmi ogé manusa anu lahir teu aya bapa jeung indungna iwal ti nabi adam. Urang ogé sadar tangtuna kolot urang téh tos sesah beurang peuting ngabanting tulang, mikiran sakuat tanaga kumaha carana pikeun ngajuangkeun anak-anakna.

Salian éta, Allah Swt ogé negeskeun dina surat al-isro yén urang ulah nyarios atanapi ngomong “Uh” jeung “ah” ari ka kolot téh, sabab teu menang komo deui leuwih ti éta. Dina ayat éta ogé dijelaskeun paréntah pikeun kudu ngajaga kalakuan hadé ka kolot urang.

Ayeuna urang parantos terang mani kitu pentingna sareng utamina hormat ka kadua kolot urang téh. Mangga ayeuna urang inget deui, tos sabaraha kali urang nyieun ngambeuk manéhna? Tos sabara kali urang nyieun ceurik manéhna? Nah ku kituna mangga urang sami-sami menta hampura!

Rupina ngan sakitu baé biantara singket ti simkuring, hamputen anu kasuhun bilih aya cariosan ti simkuring anu kirang merenah. Sareng mugi-mugi urang sadayana kalebet jalmi anu tiasa hormat ka anjeuna, janten hamba-hamba pilihanna. Amin yaa robbal alamin! Akhirul kalam.

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh

4. Pidato Bahasa Sunda tentang Kedisiplinan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Wilujeng sonten. 

Murid-murid anu ku simkuring dipikaasih di ieu sakola, sanggakeun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci margi urang masih dipaparinan nafas hirup sahingga urang tiasa ngumpul di ieu tempat.

Abdi oge ngahaturkeun nuhun ka sadaya guru sareng murid anu ku simkuring dipikahormat parantos sumping ngariung di ieu tempat. Dina kasempetan ieu, kuring baris nepikeun biantara singget ngeunaan disiplin murid di sakola. 

Kuring mindeng manggihan yén loba siswa masih mindeng ngalanggar aturan dijieun pikeun ngajaga disiplin bari di lingkungan sakola. Para murid anu dipikahormat, ti ayeuna anjeun kedah ngabiasakeun disiplin nalika diajar di sakola.

Lantaran ku ngajaga kadisiplinan, urang sarerea bisa ilubiung dina kagiatan diajar-ngajar kalawan tenang jeung leuwih konsentrasi.

Para murid anu dipikahormat, anjeun kedah terang yén disiplin ieu penting pisan. Ti ayeuna, mimitian leuwih disiplin ku teu datang ka sakola telat, teu mawa alat éléktronik ka sakola, teu dahar di kelas, jeung teu gelut jeung siswa séjén.

Para murid anu dipikahormat, ulah ngalanggar aturan sabab bakal dihukum. Anjeun kedah nurut aranjeunna supados anjeun tiasa diajar disiplin ti budak leutik. Wani oge salah sahiji sikep disiplin, rendah diri oge. 

Para murid anu dipikahormat, seueur deui hal-hal leutik anu tiasa dilakukeun pikeun disiplin di sakola. Sakitu anu tiasa didugikeun siang. Salawasna émut yén disiplin mangrupikeun konci awal pikeun suksés.
Mugia anu didugikeun ku simkuring saparakanca tiasa mangfaat kanggo urang sadayana. Abdi hatur nuhun sateuacanna. Wilujeng sonten. Mung sakitu anu tiasa didugikeun dina ieu biantara. Kurang leuwih hampura. 

Wassalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

5. Pidato Bahasa Sunda tentang Kelulusan

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Sadaya puji kagungan Alloh nu murbeng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Dinten ieu teh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wireh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru.

Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan teh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih rerencangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorelat pisan, geus dugi deui ka akhir tahun katilu. Teu karaos, tos tilu tahun sim kurang saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun.

Salami tilu taun sim kuring nyuprih elmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. Eta sadayana bakal teras nyantel dina panineungan, manjang hikmahna, gede ajenna.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.

Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu'a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget ngulik harti nyukcruk elmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu'a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan.

Bapa Ibu...

Wilujeng kantun. Mugi kasaean Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh Swt. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana eta kasaean. Mugi bade neneda bae ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.

Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du'a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

6. Pidato Bahasa Sunda tentang Kebersihan

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Hatur nuhun, ka Bapa/Ibu Guru, ka para panitia, ka babaturan siswa-siswi, sareng kabecikan nu hadir di acara ieu. 

Dina acara ieu, abdi hoyong ngahaturkeun ka sadaya nu hadir, aya hal nu penting nu abdi hoyong ngajelaskeun. Aya hal pikeun diingetan ka kita sadaya, yaitu pentingna kebersihan. 

Kebersihan nyaéta hiji hal nu penting pisan. Kebersihan bisa ngahontalkeun kahidupan sareng kahuripan kita. Kebersihan bisa ngahontalkeun kasehatan, ngahontalkeun pikiran, sareng ngahontalkeun hubungan sosial. 

Ku sabab eta, abdi hoyong ngajelaskeun ka sadaya siswa-siswi, ka sadaya warga sekolah, aya hal nu penting pisan pikeun diingetan. Aya halna nyaéta ngajaga kebersihan lingkungan sekolah. 

Ngajaga kebersihan lingkungan sakola bisa dimulai ti hal-hal paling sederhana, contona ngahapus sampah di kelas, ngahapus tumpukan sampah di halaman sakola, sareng ngahapus sampah di kantin sakola. 

Ngajaga kebersihan lingkungan sekolah téh tangtu penting, sabab leuwih nyaman sakumaha aya di lingkungan anu bersih. Sakaliwatan, aya manfaatna pikeun kasehatan sareng kenyamanan kitu. 

Mangga, sadaya siswa-siswi sareng warga sakola, hayu urang jaga kebersihan lingkungan sekolah. Mulai ti hal-hal paling sederhana, kitu kitu téh tiasa ngahontalkeun kahidupan sareng kahuripan kita. 

Hatur nuhun. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

7. Pidato Bahasa Sunda tentang Sumpah Pemuda

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarokaatuh,

Puji sinareng syukur hayu urang panjatkeun ka gusti Allah SWT, nu atas maparinan rahmat sareng karuniana dugi ka urang sadayana tiasa kempel di ieu tempat kalawan sehat wal`afiat.

Hadirin rerencangan sadaya dinten ayeuna urang sadaya numana, dinten sumpah pemuda teh nyerupikeun, salah sahiji perjuangan para pemuda pemudi perjuangan bangsa Indonesia, nu atos berjuang keur lemah cainu dipikacinta ieu, anjeuna berjuang teu apal waktu, nu nyaeta merdeka.

Dina dinten sumpah pemuda ieu, seueur pisan pelajaran anu tiasa dicandak, salah sahijina nyaeta semanget perjuanganna. Urang oge selaku pemuda pemudi ayeuna kudu semanget keur ngamajukeun lemah caii eu, supaya tisa leuwih makmur jeng leuwih maju.

Ku cara diajar,diajar jeung diajar. Urang selak penerus perjuangan bangsa ieu, leuwih hade lamun perjuangan pemuda pemudi pahlawan bangsa ieu teu disia-siakeunkeun hal-hal anu teu aya mantapna, komo deui lamun urang dugi kabawa ku jaman modern, seperti pergaulan bebas jeung ngonsumsi narkoba, tapi ku unamah jadikeun motivasi supaya Indonesia engkena tiasa leuwih maju.

Para pemuda pemudi ayeuna, nangtukeun pisan keur engkena Indonesia tiasa lewih maju atawa kei wae. Laun ti ayeuna urang teu diajar nurbener, tangtu hareupeun Indonesia tiasa leuwih maju moal pernah tiasa kahontal, malah bakal sebalikna.

Hadirin rerencangan sadaya. Dina dinten sumpah pemuda ieu, hayu urang jadikeun pendorong nungabangkitkeun semangeut keur ngawangun bangsa Indonesia, ulahna pikeun ka sesaret, kabawa ku budaya barat anu teu sesuai jeung norma oge budaya urang.Sakitu bae diantara nu tiasa ku simkuring dipihatu, hampunten bilihaya kelepatan.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

8. Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun 

 Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh, 

Ka hadirin anu dipikahormat, 

Tatakrama mangrupa pondasi hirup rukun jeung silih ajénan. Di tengah-tengah rame-rame, urang sering poho pentingna sopan santun dina pergaulan sapopoé. 

Sopan santun lain ngan saukur runtuyan kecap atawa tatakrama anu dipilampah dina kaayaan formal. Leuwih ti éta, sopan santun téh mangrupa sikep anu jadi dadasar cara polah jeung komunikasi jeung jalma séjén, lain waé dina situasi resmi, tapi ogé dina interaksi sapopoé. 

Sopan santun ngajarkeun urang pikeun ngajénan bédana, ngadéngékeun ati-ati, jeung nyarita ku kecap anu lemah lembut. Ieu brings karapihan ka unggal paguneman jeung nyiptakeun atmosfir nyaman di sabudeureun urang. 

Ditengah rupa-rupa budaya jeung ajén-inajén, tatakrama téh mangrupa basa universal anu bisa kaharti jeung ditarima ku saha waé. Ieu brings closeness antara individu, strengthens hubungan, sarta nyiptakeun lingkungan ramah tur harmonis. 

Teu hese nembongkeun budi pekerti. Mimitian ku sikep basajan sapertos ngucapkeun hatur nuhun, menta hampura nalika anjeun ngalakukeun kasalahan, masihan seuri, atanapi ngahormatan pendapat batur. Ku cara éta, urang ngawangun jembatan komunikasi anu kuat antara urang. 

Hayu urang tanamkeun budi pekerti ka diri urang sareng ka generasi nu bakal datang. Jadikeun tatakrama minangka cerminan ajén-inajén anu urang jungjung. Ku cara éta, urang bakal nyiptakeun dunya anu langkung tengtrem, harmonis sareng asih. 

Salam hormat sareng hormat salawasna marengan léngkah urang. Nuhun kana perhatosanana. Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

close

Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini

slot-iklan-300x100
Logo Tempo
Unduh aplikasi Tempo
download tempo from appstoredownload tempo from playstore
Ikuti Media Sosial Kami
© 2024 Tempo - Hak Cipta Dilindungi Hukum
Beranda Harian Mingguan Tempo Plus