Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini
TEMPO.CO, Jakarta - Dongeng adalah salah satu karya sastra yang didalamnya memuat cerita yang tidak benar-benar terjadi, terutama tentang kejadian zaman dulu yang aneh dan tidak masuk akal. Setiap daerah di Indonesia memiliki ragam dongengnya tersendiri, tak terkecuali dari Tanah Pasundan, Sunda.
Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini
Bahkan, beberapa dongeng Sunda pendek dan mudah dihafalkan oleh orang yang membacanya karena memiliki makna cerita yang dalam. Bersifat menghibur, dongeng Sunda terbagi dalam beberapa jenis, seperti dongeng sasatoan (fabel), babad (sage), kahirupan jalma biasa (parabel), mite (mitos) dan sasakala (legenda).
Baca berita dengan sedikit iklan, klik di sini
Di antara jenis-jenis itu, dongeng sasatoan atau fabel menjadi yang paling banyak digemari. Beberapa contohnya adalah ‘Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cabe’ dan ‘Peucang Keuna ku Leugeut’. Merujuk Piwuruk Basa: Basa Sunda karya Suhaya, berikut ada dongeng Sunda pendek dan mudah dihafalkan.
1. ‘Peucang Keuna ku Leugeut’
Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Bonténgna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun kebon Pa Tani.
Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon. Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun baru Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.
Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul. Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui.
Di teunggar ku huluna, huluna ogé milu rapet. Antukna Peucang ceurik ngageunggeuik, pasrah kana nasib. Pak Tani pohara bungahna nempo Peucang rapet dina jajalmaan. Peucang nu geus teu walakaya di téwak ku Pa Tani. Ayeuna moal aya deui nu ngaruksak ken Pa Tani.
2. ‘Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cabe’
Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot.
Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung.
Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung.
Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh. Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani olohok sabab katipu ku jeung kuya monyet.
3. ‘Dalem Boncel’
Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncel gawena rapékan jeung getol.
Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta arang disi disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncel, sabab Boncel gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncel diangkat jadi dalem.
Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.
Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.
RADEN PUTRI
Pilihan Editor: Manfaat Cerita Dongeng Sebelum Anak Tidur